Usaha atuh
Ngarumas kadang sok datang jiga tamu teu diondang, dikuat-kuat keun oge tetep eh ngarasa teu paruguh. Punten sakuat-kuatna hate manusa, saha nu tara ngarumas. Kuring yakin tiap manusa pernah ngarasakeunna, tapi jigana kadar na beda-beda. Satungtung teu kapanjangan ari ceuk kuring mah wajar weh, da manusa teh dibere rasa jang ngecap pait, haseum, amisna hirup di dunia. Jelema teh beda-beda, jigana Gusti nu Agung hayang mere loba ropa jang karihupan urang sangkan dina ahirna urang bakal jadi jelema nu leuwih hade. Hayu dulur-dulur urang tetep usaha, tong hayang dituntut ieu itu ku batur, urang kudu yakin urang bisa leuwih hade tinu lain, tong ngarasa agul, tong hayang dipuji-puji ku batur, luruskeun niat dibarengan ku tingkah nu jujur.